Ujian B. Sunda
Mana kisi kisi?
In This Guide
⚠️ Failed: unexpected error
67
* If the page still won't load, there's an internal server error.
Overview
Kisi kisi disini lebih condong ke materi drama
1. Nu ditanyakan:
Di sakola anjeun, loba siswa anu can apal kana drama tradisional Sunda saperti longser jeung sandiwara. Kumaha cara anjeun ngenalkeun drama tradisional Sunda ka babaturan sangkan maranéhna resep jeung hayang diajar?
Jawaban:
Carana ku ngenalkeun sajarahna, ngajelaskeun ajén moral anu aya dina carita, mintonkeun cuplikan video atawa pementasan pondok, jeung ngaitkeun kana kahirupan sapopoé. Bisa ogé dikemas modern ku musik jeung multimedia supaya leuwih narik perhatian.
2. Nu ditanyakan:
Kelas anjeun dibéré tugas mintonkeun drama tradisional Sunda, tapi anggota kelompok can satuju kana carita anu rék dipintonkeun. Kumaha cara anjeun ngaréngsékeun éta masalah supaya kelompok bisa gawé babarengan kalayan hadé?
Jawaban:
Ngadamel musyawarah, ngadéngékeun ide sadaya anggota, upama hésé ngahiji bisa voting, terus pilih carita anu paling cocog jeung téma tugas. Utamakeun kerjasama tibatan ego pribadi.
3. Nu ditanyakan:
Aya salah sahiji anggota kelompok anu hésé ngapalkeun dialog drama. Naon solusi anu bisa dipigawé ku kelompok sangkan pintonan drama tetep lancar?
Jawaban:
Latihan rutin, dibantu ku anggota séjén, ngagunakeun catetan leutik atawa cue card, ngabagi peran anu leuwih basajan, jeung ngalatih improvisasi sangkan tetep ngalir.
4. Nu ditanyakan:
Nalika latihan drama tradisional, sababaraha murid ngarasa isin pikeun maén peran di hareupeun kelas. Kumaha cara anjeun ngamotivasi maranéhna supaya leuwih percaya diri?
Jawaban:
Latihan dimimitian dina kelompok leutik, pasihan pujian jeung dorongan, jelaskan yén drama téh karya tim lain penilaian individu, sarta rasa percaya diri bakal tumuwuh ku pangalaman jeung dukungan.
5. Nu ditanyakan:
Sakola rék ngayakeun pentas budaya, tapi alat jeung properti drama tradisional kawates. Kumaha solusi kreatif anu bisa dipigawé supaya pintonan drama tetep menarik?
Jawaban:
Ngagunakeun barang sederhana jadi properti, fokus kana ekspresi jeung dialog tibatan kemewahan panggung, sarta nambahkeun musik tradisional atawa nyanyian pikeun nguatkeun suasana.
6. Nu ditanyakan:
Sababaraha siswa nyebutkeun yén drama tradisional geus kolot jeung teu relevan keur jaman ayeuna. Kumaha pamadegan anjeun ngeunaan éta hal? Jelaskeun kumaha cara ngajaga drama tradisional supaya tetep dipikaresep ku generasi ngora.
Jawaban:
Sanajan kolot, drama tradisional tetep relevan sabab ngandung nilai moral jeung budaya. Bisa dikemas modern, digabungkeun jeung multimedia, sarta ngajaga tradisi hartina ngajaga jati diri bangsa.
7. Nu ditanyakan:
Dina hiji pintonan drama, aya konflik antar tokoh anu ngandung ajén moral. Pilih salah sahiji conto konflik dina drama tradisional Sunda, tuluy analisis ajén moral anu bisa dicokot tina éta carita!
Jawaban:
Conto konflik: anak durhaka ka kolotna. Ajén moral: pentingna ngahormat ka kolot, akibat goréng lamun ngalanggar. Drama tradisional sok nyelipkeun piwuruk hirup.
8. Nu ditanyakan:
Kelompok anjeun meunang tugas nyieun naskah drama tradisional kalayan tema kahirupan sapopoé. Kumaha léngkah-léngkah anu bakal anjeun lakukeun pikeun nyusun naskah drama anu hadé?
Jawaban:
Tentukan téma, nyieun tokoh jeung karakter, susun alur (bubuka, konflik, solusi), tulis dialog maké basa Sunda sapopoé, terus revisi jeung latihan.
9. Nu ditanyakan:
Nalika pintonan drama berlangsung, salah sahiji pemain poho kana dialogna. Kumaha cara anjeun jeung anggota kelompok séjén pikeun ngungkulan éta kaayaan supaya drama tetep jalan?
Jawaban:
Anggota séjén bisa masihan isyarat atawa ngalakukeun improvisasi, ulah eureun, teruskeun carita sangkan tetep ngalir, kreativitas penting pikeun nyalametkeun pintonan.
10. Nu ditanyakan:
Dina era digital ayeuna, drama tradisional kurang diminati ku barudak ngora. Lamun anjeun jadi panitia festival budaya sakola, program naon anu bakal dijieun pikeun ngamajukeun deui drama tradisional Sunda?
Jawaban:
Ngakombinasikeun drama tradisional jeung media digital (live streaming, rekaman), ngadamel lomba drama antar kelas, workshop kreatif (latihan dialog, kostum, musik tradisional), tujuanana sangkan barudak ngora ngarasa yén drama tradisional téh keren jeung relevan.